Lirik lagu Mawar bodas - Desy thata

 Lirik lagu Mawar bodas - Desy thata




Mapai jalan satapak

Ngajugjug ka hiji lembur

Henteu malire kacape

Sabab aya nu diteang. . 



Hujan angin dor dar gelap

Taya pisan keur ngiuhan

Sanajan awak rancucud

Bet asa karunya teuing. . 



Pajar cenah asal nepi

Ka tempat anu dituju

Rek ngalongok mawar bodas

Kembang nu jadi impian. . 



Sugan tea moal gagal

Kembang teh aya nu boga

Balik ge jiga hoream

Leumpangna jiga ngalayang. . . 



Teu di sawang ti anggalna

Teu dipikir ti tadina

Anjeun ulah nyeuri hate

Lantaran tacan pasini

Néangan pipanyakiteun

Neangan pipanyakiteun. .  




Mapai jalan satapak

Ngajugjug ka hiji lembur

Henteu malire kacape

Sabab aya nu diteang. . 



Hujan angin dor dar gelap

Taya pisan keur ngiuhan

Sanajan awak rancucud

Bet asa karunya teuing. . 



Pajar cenah asal nepi

Ka tempat anu dituju

Rek ngalongok mawar bodas

Kembang nu jadi impian. . 



Sugan tea moal gagal

Kembang teh aya nu boga

Balik ge jiga hoream

Leumpangna jiga ngalayang. . . 



Teu di sawang ti anggalna

Teu dipikir ti tadina

Anjeun ulah nyeuri hate

Lantaran tacan pasini

Néangan pipanyakiteun

Neangan pipanyakiteun. .  2x

0 Response to "Lirik lagu Mawar bodas - Desy thata"

Post a Comment